Popular Post

Posted by : Unknown Tuesday, March 31, 2015




TEKS WAWANCARA NGEUNAAN KABUDAYAAN SUNDA
Narasumber    : Lalan Suherlan S.Pd (Guru Mata Pelajaran Seni Budaya Kelas XI IPS MAN Cibadak TA 2012/2013)
Pewawancara                              :     
  • Ai Fitriani
  • Annisa
  • Hizza Tubiroh
  • Indar Yulianti
(Kelas XI IPS 6 MAN Cibadak TA 2012/2013
Sesi Ngawawancara
Siswi               : “Assalamu’alaikum ?”
Bapak Lalan    : “Wa’alaikumsalam.”
Siswi               : “Bapak hapunten bade ngaganggu waktosna, simabdi sareung rerencangan di pancenan tugas ku guru Bahasa Sunda, nyaeta dipiwarang ngawawancara salah sahiji guru mata pelajaran anu ngeunaan tentang Bahasa, Atikan sareung Seni Budaya. Kumargi Bapak guru di bidang seni budaya, simabdi sareng rerencangan bade ngajadikeu bapak narasumberna, teras bapak kersa atanapi hente bade diwawancara ku simabdi sareung rerencangan ?”
Bapak Lalan    : “Nya mangga wae, teras bade naroskeun ngeunaan naon ?”
Siswi               : “Abdi,bade naroskeun ngeunaan kabudayaan Sunda di zaman ayeuna.
Bapak Lalan    : “Nya sok mangga.”
Siswi               : “Kumaha pandangan Bapak ngeunaan kabudayaan Sunda ayeuna ?’’
Bapak Lalan    : “Upami di taliti kabudayaan sunda zaman ayeuna teh pikasediheun.”
Siswi               : “Naon sababna ?”
Bapak Lalan    : “Nyaeta zaman ayeuna mah teu budak ngora teu kolot teh tos jarang nu mikacinta kabudayaanna sorangan,nyaeta budaya sunda.”
Siswi               : “Kabudayan nu mang rupa naon anu tos di leungitkeun ku masyarakat sunda?”
Bapak Lalan     : “sapertos dina bahasa,kabiasaan,sopan santun,sareng sajabana”.
Siswi               : “faktor naon wae anu nyebabkeun masyarakat sunda henteu apal atanapi henteu mikacinta kana budayana sorangan?”
Bapak Lalan    : “faktor  nu nyebabkeunna nyaeta,ayana budaya asing,tara ngalestarikeun budayana,jarang ditampilkeun dina acara-acara adat,jarang komunikasi sareng sajabana”.
Siswi                : “kumaha carana supaya  masyarakat sunda teh mikacinta kana kabudayaanna sorangan?”
Bapak Lalan    : “kudu dimumule ti ayeuna keneh eta kabudayaan  supaya eta budaya teu leungit atanapi di cokot ku nagara batur,di lestarikeun,di tampilkeun dina acara-acara adat,sareng kudu di ajarkeun ka murangkalih supaya pada mikacinta”.
Siswi               : “bapak hatur nuhun kanggo waktos sareng jawabanna”.
Hapunteun bilih tos ngaganggu waktos bapak.
Wassalamu’alaikum wr.wb.  
Bapak Lalan : Wa’alaikumsalam wr.wb
KASIMPULAN
Kabudayaan sunda zaman ayeuna pi khawatireun, kabudayaan sunda tos leungit tina diri masyarakat sunda. Zaman ayeuna masyarakat geus teu nyaah, teu mikacinta deui kana budayana sorangan. Teu kolot teu budak geus teu apal kana budayana sorangan.
Budaya nu tos leungit di lingkungan masyarakat diantarana nyaeta dina bahasa, kabiasaan, sareung tatakrama.
Faktor nu nyebabkeunna nyaeta ayana budaya asing, lewih mikacinta budaya batur tara belajar ngalestariken budaya sorangan.
Cara supaya masyarakat sunda resep sarta mikacinta kana budayana sorangan nyaeta, kudu ngamumule kabudayaan ti ayeuna keneh, supaya teu di aku ku nagara batur, kudu di lestarikeun, di tampilkeun dina kagiatan-kagiatan atanapi dina acara-acara.
Sarta kudu di ajarkeun ka murangkalih supaya pada apal,mikacinta kana budaya sorangan.
            Thank you sooo much :*
            Atas nama anak IPS MAN Cibadak. Assalamu’alaikum wr.wb

Leave a Reply

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

- Copyright © Suryani - Date A Live - Powered by Blogger - Designed by Johanes Djogan -