- Back to Home »
- Contoh Wawancara Sunda
Posted by : Unknown
Sunday, March 29, 2015
Tujuan
: Nganyahokeun yen tingkah laku
budak jaman kiwari.
Narasumber : Jujun
Junaedi S.Pd
Yuswa
: 23 taun
Alamat
: Desa Luragung Tonggoh
Profesi : Guru Pendidikan Kewarganegaraan
(PKN)
Tempat jeung waktu
wawancara
·
Tempat : Kantin SMP N 1
Luragung
·
Waktu : Dinten salasa kaping 25, Sasih November 2014
WAWANCARA
Suryani :“Assalamu’alaikum?”
Pa Jujun :“Wa’alaikum salam wr.wb.”
Suryani :“Punten pa, migi abdi bade wawancara.
Aya tugas basa Sunda kumargi bapa nuju
rengse,wios abdi wawancara bapa ?”
Pa jujun :“Teu sawios neng? Sok pami bade
tumaros mah, insya allah diwaler.”
Suryani :“Abdi bade wawancara nu aya kaitana
sareng tingkah laku murangkalih jaman kiwari. Kumargi bapa guru PKN nya rada
pas anu aya kakaitana sareng ieu topik.”
Pa jujun
:“Nya sok wae bade wawancara mah”
Suryani :“Nya pak, ku abdi bade di kawitan, nami
lengkep bapa saha?,bapa asli timana?”
Pa jujun :“Nami bapa Jujun Junaedi, bapa asli ti Luragung Tonggoh”
Suryani :“Padamelan bapa salian janten guru PKN
janten naon deui pa?”
Pa jujun
:“Janten staf perpus.”
Suryani :“Langsung we nya pa kana topik anu
bade di taroskeun”.
Pa jujun :“Sok atuh mangga.”
Suryani :“Kumaha pendega bapa kalakuan
murangkalih jaman kiwari?”
Pa jujun :”Murangkalih jaman kiwari mah leuwih
mentingkeun gaya tibatan di ajar oge.”
Suryani :“Faktor naon wae anu ngaruh kana
tingkah laku murangkalih jaman kiwari?”
Pa jujun :“pergaulan sareng teknologi.”
Suryani :“menurut bapa kamajuan teknologi ngaruh kana tingkah
laku murangkalih jaman kiwari?”
Pa jujun : “ngaruh pisan.”
Suryani : “Naon sababna pa?”
Pa jujun
: “Kusabab nu aya
dina teknologi teh ayeuna mah diturutan ku murangkalih.”
Suryani :“Naon wae anu kedah dilakukeun ku Ibu
rama sangkan murangkalihna henteu kapangaruhan kana pargaulan bebas ?”
Pa jujun :“Di didik, di wartosan ku Ibu ramana
sankan nurut. Teras ari teknologi teh kudu di pilah-pilah, ari nu namina
teknologi sareng anggoan teh teu kedah di turutan sadaya.”
Suryani :“Akibat naon wae anu di timbulkeun ti
kalakuan anu bebas?”
Pa jujun
:“bahasana kirang
sopan sareng dangdanan atawa anggoan kirang sopan.”
Suryani :“Hal naon wae anu nunjukeun awonna
kalakuan murangkalih kiwari?”
Pa jujun
:“Kalakuan anu henteu
luyu sareng sopan santun tatakramana.”
Suryani :“ Kumaha cara bergaul anu luyu sareng
ajaran moral?”
Pa jujun :” Kedah tiasa ngabedakeun mana anu
leres sareng mana anu teu leres.”
Suryani : “oh kitu nya pa?”
Pa jujun :”Muhun saleresna kitu …”
Suryani :”Mung sakitu wae nya pa, Hatur nuhun
kanggo waktosna. Hapunten bilih aya kalepatan”
Pa jujun :”Muhun sawangsul na”
KASIMPULAN
Kalakuan murangkalih jaman kiwari mah pihawatireun sabab
leuwih mentingkeun gaya tibatan diajar, faktor anu ngaruhan kalakuan
murangkalih nyaeta pergaulan sareng teknologi. Kamajuan teknologi ayeuna
mah ngaruh pisan sabab nu aya dina
teknologi teh ayeuna mah di turutan ku murangkalih. Kumargi kedah di didik, di
wartosan ku Ibu ramana sangkan nurut supados henteu kapangaruhan kana pergaulan
bebas.
Teras ari
teknologi teh kedah di pilah-pilah, ari nu namina teknologi sareng anggoan teh
teu kedah di turutan sadaya. Akibat tina kalakuan anu bebas teh sapertos
bahasana kirang sopan sareng dangdanan atawa anggoan kirang sopan. Anu
nunjukeun awonna kalakuan murangkalih kiwari nyaeta kalakuan anu henteu luyu
sareng sopan santun tatakrama. Teras cara bergaul anu luyu sareng moral nyeta
kedah tiasa ngabedakeun
mana anu leres sareng mana anu teu leres.